BUPATI ADE NGARESMIKEUN GEDUNG DAKWAH ISLAM KECAMATAN PARUNGPONTÉNG

Facebook
Twitter
LinkedIn
WhatsApp
Telegram
Email

DISKOMINFO, Parungponténg – Bupati Tasikmalaya Adé Sugianto ngaresmikeun Gedung Dakwah Islam (GDI) Kacamatan Parungponténg, Salasa (19/11/2019). Dina éta kasempetan ogé dilaksanakeun Rembug Warga dina raraga miéling Maulid Nabi Muhammad SAW 1441 Hijriah.

Di hareupeun warga nu haladir, Bupati nandeskeun sangkan warga teu nginjeum duit ka bank “émok”, kosipa atawa réntenir, lantaran nu kitu mah sok nyangsarakeun engkéna. “Bapa, ibu, sareng para wargi sadaya, engké deui mah omat teu kénging nambut artos ka réntenir, bank émok, kosipa, atanapi nu sabangsana ti éta, kumargi Pemkab gé badé gawé bareng sareng Bank Jabar pikeun ngagampilkeun fasilitas pinjaman kalayan bunga nol persén, janten urang teu keuna ku riba,” kitu kasauran Bupati.


Lian ti éta, pikeun ngurangan kasalahan dina méré fasilitas jeung bantuan ti pamaréntah, Bupati Adé miharep ka aparatur kacamatan jeung désa, sangkan dina ngadata warga miskin jeung budak nu pahatu lalis téh, kudu bener-bener akurat.

Saréngséna ngaresmikeun GDI Parungponténg, Bupati ogé ngalaksanakeun Rembug Warga jeung masarakat Parungponténg. Hal ieu téh dilakukeun sangkan komunikasi dua arah sacara langsung antara pamaréntah jeung masyarakat bisa leuwih anteb.

Hadir dina éta kagiatan, SKPD Kabupatén Tasikmalaya, Camat jeung Kepala Désa di wilayah Parungponténg, Diskominfo Kabupatén Tasikmalaya, tokoh masyarakat, alim ulama, jeung tamu uleman lianna.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

Recent News
Apel Dan Rapat Koordinasi Kesiapsiagaan Bencana Tingkat Kabupaten Tasikmalaya
Upacara Hari Peringatan Bhayangkara Ke-79 Tahun 2025
Peresmian Bedah Rumah Dalam Rangka Hari Bhayangkara Ke-79
Aksi Bersih-Bersih Dan Penanaman Pohon Kabupaten Tasikmalaya
Pengajian Rutin Bulanan Asn Kabupaten Tasikmalaya
Wakil Bupati Tasikmalaya Resmikan Program Pemagangan Ke Jepang
Bupati Tasikmalaya Gelar Rapat Pimpinan Perdana Bersama Jajaran SKPD
Bupati Dan Wakil Bupati Tasikmalaya Gelar Salat Iduladha 1446 H/2025 M
Apel Pagi Perdana Bupati Dan Wakil Bupati Tasikmalaya
Pelantikan Bupati Dan Wakil Bupati Tasikmalaya Masa Jabatan Tahun 2025-2030
PHP Code Snippets Powered By : XYZScripts.com