BUPATI MUKA PASANGGIRI/FESTIVAL SENI SUNDA SA-KABUPATEN TASIKMALAYA

Facebook
Twitter
LinkedIn
WhatsApp
Telegram
Email

 

 

DISKOMINFO, Cineam – Bupati Tasikmalaya Ade Sugianto disarengan ku rengrengan pupuhu Pamarentah Kabupaten Tasik malaya patepung lawung paamprok jonghok dina raraga kagiatan “Pasanggiri/Festival Seni Sunda Sa-Kabupaten Tasikmalaya Taun 2019” di Lapangan Yogaswara Kecamatan Cineam, Salasa (05/11).

Bupati Ade nandeskeun yen ieu kagiatan teh mangrupi hiji tarekah pikeun ngamumule tur ngaronjatkeun seni budaya sunda, khususna nu aya di wewengkon Kab. Tasikmalaya.

“Mugi ieu kagiatan teh ageung mangfaatna kanggo urang sadayana. Malah mandar seni budaya sunda teh tetep nanjeur teu kadeseh ku budaya deungeun,” saur Bupati di payuneun masyarakat Cineam.

Pupuhu Dinas Pendidikan & Kebudayaan Kab. Tasikmalaya Dadan Wardana nyebatkeun ieu kagiatan teh dilaksanakeun pikeun ngawanohkeun seni tradisional sunda nu aya di wewengkon Kab. Tasikmalaya sangkan dipikawanoh ku balarea.

Dina raraga pasanggiri ieu dideudeulan diantawisna ku Camat Cineam, Kapolsek Cineam, Danramil Cineam, Diskominfo Kab. Tasikmalaya, Tokoh Masyarakat, Alim Ulama, sareng tamu uleman nu sanesna

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

Recent News
Upacara Peringatan Hari Jadi Kabupaten Tasikmalaya Ke-393
Wakil Bupati Resmikan Festival UMKM Dan Street Food Jelang Hari Jadi Kabupaten Tasikmalaya
Bupati Dan Wakil Bupati Tasikmalaya Pimpin Rapat Finalisasi Rancangan Akhir Rkpd 2026
Bupati Tasikmalaya Pimpin Rapat Koordinasi  High Level Meeting
Wakil Bupati Tasikmalaya Kunjungi Rumah Sakit Umum Daerah Khz. Musthafa
Wakil Bupati Tasikmalaya Tinjau Langsung Pelaksanaan Hari Pertama Sekolah
Silaturahmi Wakil Bupati Tasikmalaya Dengan Public Safety Center (PSC) 119 SIGESIT
Apel Dan Rapat Koordinasi Kesiapsiagaan Bencana Tingkat Kabupaten Tasikmalaya
Upacara Hari Peringatan Bhayangkara Ke-79 Tahun 2025
Peresmian Bedah Rumah Dalam Rangka Hari Bhayangkara Ke-79
PHP Code Snippets Powered By : XYZScripts.com